Selasa, 21 Januari 2014

Latihan Degung Lagi







Terakhir main degung kira-kira lebih dari 20 tahun lalu atau bahkan mungkin lebih. Waktu duduk di bangku Sekolah Dasar, latihan degung nyaris dilakukan hampir tiap sore dari senin sampai kamis. Kemudian terhenti. Pernah bapa tercinta membeli seperangkat alat degung namun sayang kemudian dijual lagi. Seni selalu menarik dan membuat hidup terasa lebih tenang.
Tak disangka di kantor memiliki alat degung. Jadilah latihan degung lagi. Mempelajari lagi cara menabuh degung. Dulu saya memegang bonang. Tapi sekarang lebih suka memilih saron. Main degung ternyata asyik sekali. Bukan hanya sekedar main, namun juga menikmati keindahan salah satu seni budaya sunda. 




Ari reumbey reumbeuy Bandung
ngareumbeuy dina jambangan
ari heureuy heureuy Bandung
heureuy ge jeung kasopanan

Ari  lilin lilin Bandung,
geus hurung sok poek deui,
ari  ulin ulin Bandung
geus embung sok hayang deui.








Kapan abdi gaduh suweng,
kunaon teu dipongpokan,
kapan abdi keur baluweng
kunaon teu dilongokan

Kembang eros jeung jalaprang,
cantigi reujeung malati,
sanaos langka patepang,
pamugi ulah rek lali.








Batu turun keusik naék
kalapa tonggoheunana
Itu purun ieu daék
sarua bogoheunana

Ngimpi ngajul kembang tanjung
ngimpi ngala nagasari
Ngimpi tepung jeung nu jangkung
tara-tara ti sasari









Mun engké mesék kalapa
pasti butuh ku cipati
Mun hadé ka indung bapa
pasti diasih ku Gusti

Kaso pondok kaso panjang                                                  
kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
sono patepang di jalan








Masing asak-asak ngéjo
bisi tutung tambagana
Masing asak-asak nénjo
bisi kaduhung jagana

Bubuy bulan sangray béntang
panonpoé disasaté
unggal bulan abdi téang
unggal poé ogé hade











Daék sotéh ka Cinangka
ka Cisitu mah teu purun
Daék sotéh ka manéhna
ka nu itu mah teu purun

Mihapé sisir jeung minyak
kadé kaancloman leungeun
Mihapé pikir jeung niat
kadé kaangsonan deungeun









Bongan bangkong bongan bangkong
Kacai teu dimandikeun
Bongan bohong bongan bohong
pasini teu dijadikeun

Kapan abdi menta cai
Naha henteu dicangkiran
Kapan abdi menja janji
Naha henteu dipikiran










Kapiting katojo bulan,
kokosan bantun tilamping,
sapeuting asa sabulan,
ngantosan panutan anu sumping.

És lilin buatan Bandung
dicandak ka Cipaganti
abdi isin bararingung
sok inggis henteu ngajadi









Itu saha nungtun munding
digantélan saputangan
Itu saha ginding teuing
singhoréng geuning jungjunan

Kamana ngaitkeun kincir
ka kalér katojo bulan
Kamana ngaitkeun pikir
moal palér ku sabulan

Karinding palapah kawung
ditiup ku nu paranti
Nu ginding ulah mangpaung
sing émut ka diri abdi






























































Tidak ada komentar:

Posting Komentar