Rabu, 29 Januari 2014

Surabi….








Musim hujan kali ini beneran dingiiiiiinnnnn banget. Hujan sepertinya tidak berhenti turun mengguyur bumi. Angin pun tidak bersahabat, berhembus setiap saat, kencang dan dingin.  Tubuh rasanya sering menggigil kedinginan. Tiap malam rasanya sudah berubah menjadi kepompong, pakai baju tebal dan kaus kaki tebal. 





Kalo cuaca dingin dan hujan sedang turun deras, paling enak cari yang hangat-hangat pastinya. Malam itu hujan turun deras seperti hari-hari kemarin dan tentu saja udara pun terasa sangat dingin. Jadi enaknya cari yang hangat-hangat untuk dinikmati. Yang hangat-hangat itu apa ya? Pastinya banyak pilihan. Diluar rumah banyak penjaja makanan yang menawarkan beragam pilihan untuk dinikmati. Dan pilihan saya adalah mencari tukang surabi.......











Mencari tukang surabi di Sumedang tidak susah. Tinggal pergi saja ke Rancapurut, disana ada beberapa orang penjaja surabi yang menjajakan dagangannya di malam hari. Dan salah satunya adalah langganan saya. Surabinya memang sangat enak sekali. Ada pilihan surabi polos, surabi oncom dan surabi telur. Biasanya sejak magrib sudah banyak pembeli yang datang kesana. Ada yang menikmati surabi langsung ditempatnya, ada juga yang membungkus dan membawanya kerumah. Kadang saya lebih suka juga membungkus dan membawanya pulang kerumah, dinikmati dirumah sambil nonton televisi. Tapi malam itu saya merasa lebih kerasan duduk nongkrong diwarung surabi itu sambil memperhatikan bibi penjual surabi asyik membuat surabi. Cuaca memang masih dingin, hujan masih turun namun surabi yang masih panas itu membuat tubuh terasa lebih hangat.......













Jumat, 24 Januari 2014

Kacapiring











Pasosore hujan miripis ngaririncik.  Dinar diuk dina bangku bari ngelepus udud. Panonna mencrong ka balong nu caina sing rariak ku cihujan. Hatena asa nalangsa kabina-bina. Geuning kieu rasana ditampik. Teungteuingeun Wingit. Rumasa manehna geus neundeun hate tibaheula ka Wingit, ngan kakara ayeuna kedalna, teu sangka geuningan kalah ditampik.
Dinar ngarahuh bari terus ngelepus udud. Teu karasa cipanonna cirambay. Manehna rarat-reret kasakurilingna. Bisi aya nu nalingakeun. Era lalaki ceurik. Tapi pan lalaki ge boga rarasaan. Ari ditampik kunu dipikabogoh mah hatena karasa sedih. Hayang mah ceurik gogoakan. Ngan era ku kalalakianana. Bisi kanyahoan pangpangna mah ku sobatna, Lukman. Moal boa manehna dikekeak diseungseurikeun mun kanyahoan manehna ceurik alatan cinta ditampik.
Ceuk pangrasana manehna mah, moal aya awewe nu jiga Wingit. Keur geulis teh Wingit mah bageur jeung pinter. Wawuh jeung Wingit ti basa Wingit keur sakola keneh di SMA sedengkeun manehna keur ngangsitkeun kuliahna. Tadina mah kagok pedah manehna keur ngarengsekeun  kuliah jeung bari nungguan Wingit sina kuliah heula, manehna ngahaja teu waka balaka. Kawas dipeuyeum. Teu waka dipurak. Sina asak heula. Wawuh mah wawuh jeung Wingit teh. Kakara wani ngedalkeun eusi hatena basa kamari  sanggeus manehna rengse kuliah jeung ayeuna  geus tilu bulan boga pagawean jadi pagawe negri di pamarentah. Asa teteg ayeuna mah.  Kitu deui manehna nyaho Wingit tereh rengse kuliahna. Ngan harepan teh geuningan beda jeung kanyataannana. 
“Kang Dinar,  hapunten sanes Wingit nampik pangasih. Wingit hoyong ngarengsekeun heula kuliah, kagok kantun ngadamel skripsi.” Ceuk Wingit kamari sore sanggeus manehna ngedalkeun eusi hatena.
“Wingit, teu sawios bari ngarengsekeun  kuliah Akang hoyong heula nampi waleran ti Wingit.” Ceuk manehna.
Wingit ngagelenyu imut, nu matak nyeblak kana hatena.
“Kang Dinar, sumuhun kitu waleran ti Wingit. Hapunten pisan.  Wingit  hawatos ka mamah sareng apa anu sakitu hese belekena nyakolakeun Wingit. Mamah sareng apa henteu ngawagel Wingit ti ayeuna  gaduh cepengan, mung Wingitna nu alim. Wingit hoyong rengse heula kuliah, teras gaduh padamelan, tos gaduh padamelan mah nembe Wingit bade ngemutan deui nu sanesna. Kang Dinar, hapunten. Sanes Wingit nampik pangasih Kang Dinar, mung ieu mah tos pamadegan Wingit. Hapunten pisan.”
Dinar ngarahuh. Teu sangka, geuningan manehna ngan saukur ambon sorangan. Hanas ditungguan mangtaun-taun. Remen manehna nganjang ka imah Wingit,  babarengan jeung Wingit, suka seuri duaan bari gogonjakan, ngan geuningan lain hartina Wingit boga hate ka manehna. Apan geuningan kitu omongan Wingit ka manehna. Kacida manehna ngarasa handeueulna. Mangtaun-taun  manehna nungguan sangkan bisa ngedalkeun eusi hatena ka Wingit, teu sangka geuningan manehna kalah ka ditampik. Sedengkeun manehna mangtaun-taun manteng wae ngumbar lamunan jeung pangharapen ka Wingit. Daek ngadagoan sakitu lilana mangtaun-taun, sugan jeung sugan hiji mangsa bisa ngahiji jeung kembang impianna. Ceuk pangrasa manehna, ngan Wingit nu cop jeung hate manehna. Sarengkak saparipolah ngan Wingit nu matak kabungbulengan. Teu sangka geuningan kembang teh can hayang aya nu metik.
Dinar ngusap cipanon dina juru matana. Ret kana erlojina. Geus jam lima. Geus sore geuningan. Beu, ti jam sabaraha manehna ngan saukur diuk dipipir balong bari udud, nyumput bari nyeungceurikan nasibna.
“Tah geuningan, kapanggih ayeuna mah.”
Lukman kaciri mani daria  naker manggihan manehna keur diuk dipipir balong.
Dinar ngan saukur ngareret, manehna jongjon deui mencrong balong, kawas aya bidadari nu keur ngojay dijero balong.
Lukman diuk digigireun manehna, nilik-nilik beungeutna.
“Astagfirullah… kunaon, Dinar? Mani sepa. Gering?”
Dinar humandeuar. Gep kana jeketna, koloyong indit ninggalkeun Lukman. Lukman nuturkeun bangun teu ngarti.
“Kunaon jeung aya naon, Dinar? Sok bebeja. Mun aya masalah urang bereskeun, mun kapalingan urang tewak tah bangsatna.” Ceuk Lukman bari noyod nuturkeun Dinar.  
“Teu nanaon. Keur haroream we.” Ceuk Dinar alum pisan. Beungeutna nu lungguh beuki lungguh we kacirina teh.
“Tara-tara tisasari nyempod dipipir balong. Titatadi ku urang  diteangan, dikamar, dihandapeun kasur, diluhur hateup, angger teu kapanggih. Bet kapanggih aya di balong. Matak reuwas.” Ceuk Lukman. Manehna ngarasa watir nempo pameunteu Dinar nu tara tisasari.
“Diomongkeun ge da moal ngarti.” Ceuk Dinar.
“Ke..ke..ke… Naha make moal ngarti? Apan urang teh lain sapoe dua poe babarengan. Kawas nu teu apal wae ka urang. Sok aya naon? Bejaan. Sugan urang bisa nulungan.”
“Diomongkeun ge palangsiang dikekeak diseungseurikeun.” Ceuk Dinar bari angger noyod leumpang muru ka imahna.
Lukman ngabarakatak seuri. “Moal. Moal nyeungseurikeun. Maenya boga sobat keur tunggara pikir make kudu diseungseurikeun?” ceuk Lukman bari mengkek nahan piseurieun.
“Apan eta tacan ge nanaon geus nyeungseurikeun!” Dinar semu nyorongot jiga nu kasinggung.
“Nya moal seuri atuh. Asal geura bejaan, naon nu keur jadi pikiran teh.” Lukman repeh.
Dinar mencrong ka Lukman. “Enyaan moal nyeungseurikeun?”
“Moal.” Ceuk Lukman teteg pisan.
Hujan masih keneh miripis. Dinar nempo warung kopi bi Imas muka keneh. Manehna tara ngadon ngopi ka warung bi Imas, ngan harita mah ngadadak hayang ninyuh cikopi. Ngalamun bae disisi balong sakitu lilana, ayeuna mah karasa beuteungna lapar. Bari ngiuhan ongkoh, nungguan hujan raat.  
“Bari nginum cikopi nya.” Ceuk Dinar bari mengkol ka warung.
“Hayu.” Ceuk Lukman mani giak pisan diajak jajan mah. “Bari nungguan raat. Lumayan aya nu haneut-haneut.”  
“Euleuh, geuningan aya cep Dinar. Mangga lebet. Tara-tara tisasari nyimpang ka warung bibi.” Bi Imas mani daria pisan ngabageakeun Dinar nu asup ka warungna.
Dinar ngan ukur seuri maur. “Nyuhunkeun cikopi, bi. Kopi hideung nya.” Ceuk Dinar bari gek diuk dina bangku.
“Mangga. Dupi encep ieu bade kopi oge?”
“Muhun bi, sakantenan sareng rokona sabungkus.” Walon Lukman bari gek diuk dina bangku gigireun Dinar.
Sabot nungguan cikopi, Lukman mencrong ka Dinar.
“Sok bebeja, aya naon?” ceuk Lukman ngamimitian.
“Wingit.” Ceuk Dinar.
“Wingit? Kunaon Wingit?”
Dinar ngarahuh. “Era, era namah mun diomongkeun. Wingit, teu sangka kalah ka nampik. Sanajan lalaki mah ditampik teh biasa, tapi ari kaalaman ku sorangan mah hate teh asa nyeri.” Ceuk Dinar, semu era bebeja ka Lukman.
Lukman kaciri colohok mimitina mah. Teu nyangka geuningan urusan cinta nu matak Dinar nyempod sapopoe dipipir balong. Dina hatena mah manehna geus hayang seuri, ngan ditahan. Bisi Dinar ngambek. Mun geus ngambek sok hese deui ngupahannana.
“Teu kaharti….” Ceuk Lukman ngarentes bari gogodeg.
“Teu kaharti kumaha?” Dinar mencrong ka Lukman.
“Teu kaharti ku panon Wingit. Boa sugan panon Wingit teu bisa nenjo. Lalaki sakieu kasepna jeung bageurna nepi ka ditampik. Awewe teu boga panon.  Awewe anu teu nyaho endahna bulan… “
Dinar asa kasuat-suat ngadenge omongan Lukman.
“Dinar, tong putus harepan. Awewe mah lain hiji. Pabalatak diunggal lembur. Bener Wingit teh geulis. Bener Wingit teh bageur. Tapi da nu geulis jeung nu bageur teh lain Wingit wungkul. Popohokeun Wingit. Meningan neangan awewe sejen anu beunta panonna.”
“Kumaha carana mopohokeun Wingit?”
“Teangan gantina. Nyeri hate ku awewe lipurna ku awewe deui.”
“Teu babari.”
“Teu babari soteh mun teu niat. Ari diniatan mah babari. Rek neangan nu kumaha wae ge bisa. Euweuh untungna nyeungceurikan cinta nu ditolak.”
Dinar ngarahuh. Lukman jigana tacan ngalaman ditampik. Lamun manehna pernah ngalaman, tangtu Lukman moal mamagahan ngagampangkeun jiga kitu. Sanajan bener papagah Lukman, keur naon mibogoh awewe nu teu bogoheun? Ngan Lukman can apaleun, raheut alatan cinta hese cageurna. Hate nu nyeri ku ditampik, moal ujug-ujug cageur.
Kopi masih keneh ngepul panas. Nikmat nguyup kopi keur hawa tiis. Dinar mencrong ka jalan nu baseuh ku cihujan.
“Cinta teh geuningan matak nyeri.” Ceuk Dinar semu nu linglung.
Lukman ngarasa hariwang nempokeun pari polah Dinar. Mangkarunyakeun ku nasib sobat dalitna.  Ehm, tega teuing atuh Wingit, ceuk gerentes hatena.
“Nyeri soteh ceuk nu patah hati.” Ceuk Lukman ngupahan Dinar. “Cik, kumaha lamun Wingit teu nampik? Meureun cinta teh asa endah. Dunya asa milik nu duaan.” 
Dinar ngan saukur seuri maur ngadenge omongan Lukman.
Langit geus mimiti poek. Sanggeus mayar cikopi jeung roko, Dinar jeung Lukman balik ka imah. Mira, indung Dinar keur popolah didapur basa anakna jeung Lukman sing kurunyung ti pipir dapur.
“Eta eta geura anak mamih, timana wae mani sapoe jeput teu embol-embol?” Mira ngabageakeun anakna.
“Parantos ameng we, Mih.” Tembal Dinar bari tuluy noyod abus kajero teu malira ka indungna.
“Dinar!”  Mira nyalukan anakna, asa disapirakeun.
“Wios we bu, karunya.” Lukman nu nembalan.
“Kunaon Dinar  teh?” Mira merong ka Lukman. “Dimana kapanggihna budak teh?”
Sanajan Dinar geus lain budak ge ari indungna mah angger ngarasa Dinar teh budak keneh.
“Kapendak di balong, bu.” Tembal Lukman.
“Di balong? Keur naon? Keur nguseup?”
“Ah henteu, nuju calik we bari merongkeun balong.” Lukman nyerengeh seuri.
“Merongkeun balong? Naha aya naonan balongna?”
“Duka atuh bu, panginten nuju niis we.”
“Tara-tara tisasari make niis di balong sagala. Kunaon budak teh? Cik, ku ibu rek ditanya.”
“Bu, saena mah wios ulah waka dituras taros. Karunya.”
“Enya nu matak karunya teh kunaon? Gering?” ceuk Mira.
“Ari saurna mah ditampik ku istri, bu.” Ceuk Lukman aluman elemen sieun salah ngomong. Ari teu dipokkeun karunya ka indungna Dinar bisi bingungeun ku paripolah anakna.
“Naon? Ditampik ku awewe? Saha? Dinar? Saha awewena?” Mira siga nu ngajenghok reuwas ngadenge caritaan Lukman. Beungeutna langsung robah. “Deudeuh teuing, anaking. Lalaki nu kasebutna lalanang jagad, ditampik ku awewe kalahka jadi leuleus kitu jiga kurupuk dibanjur ku cai.”
Lukman ngan balaham belehem we ngadenge omongan  indung Dinar.  
“Bade istri bade pameget, ari ditampik mah tangtos sami nyeri hate atuh bu.” Ceuk Lukman bari nyerengeh seuri.
“Ari lalaki ditampik mah biasa. Ditampik ku hiji awewe, geuwat neangan deui awewe sapuluh.” Ceuk Mira semu nyereng.
“Aya naon?” Agus, bapana Dinar kurunyung ti jero imah ngadenge nu keur ngawadul didapur.
“Eta geura papih, budak urang,  Dinar. Cenah ditampik ku awewe. Paingan sapopoe teu kaciri aya diimah. Cenah mah kalah nyempod dipipir balong. Nyeungceurikan pedah ditampik ku awewe.” Ceuk Mira ngadu ka salakina.
“Kitu nyah? Karunya teuing. Ditampik ku saha?” Agus merong ka Lukman.
“Saur Dinar mah, namina Wingit.”
“Wingit? Urang mana? Anak saha?” Mira nanya mani neregteg. “Asa can pernah ngadenge Dinar ngobrolkeun awewe anu ngaranna Wingit ka ibu.”
Mira kaciri nginget-nginget ngaran Wingit bisi anakna pernah nyaritakeun ngaran eta. Ngan lebeng teu inget.
“Abdi ge henteu apal nu mana istrina, komo linggih dimana sareng putra sahana mah.” Ceuk Lukman bari nyerengeh deui.
“Mamih, ulah siga nafsu kitu atuh. Keun we da jamakna. Mun teu ditarima nya ditolak. Ti jaman tikotok dilebuan ge nu kitu mah geus aya.” Agus negur pamajikannana nukacirina keuheuleun pisan ngadenge anakna aya nu nampik.
“Mamih mah karunya kanu jadi anak, Pih. Ku papih mah meureun moal karasa kumaha nyerina hate mamih nempo anak gering pikir alatan ditolak. Hate indung sok beda ti nu jadi bapa.” Mira nyangereng.
“Eta mamih mah sok adat teh kitu wae. Sok babari kajurung ku nafsu. Keun we heula budak patah hati mah, lain hartina kolotna jadi  pipilueun patah hati. Jamak we lalaki mah. Teu kitu-kitu acan mah lain ge lalaki ngaranna. Lalaki mah mun teu ngalaman ditampik, moal ngarasakeun kumaha nikmatna ditarima. Apan papih ge bogoh pisan ka mamih teh saprak papih ditampik  ku neng Susi, jaman baheula basa urang keur ngarora keneh.” Agus nyerengeh ngaheureuyan pamajikannana nu keur jamedud.
“Eta eta papih kalah ka malikan ka jaman baheula. Geus ah, mamih mah sok pusing ari ngobrol jeung papih teh. Mamih mah keur mikiran Dinar. Kudu kumaha ngupahannana.”
“Teu kudu diupahan, nu kitu mah engke ge cageur sorangan.”
“Moal cageur teu pupuguh ari teu diubaran mah.”
“Diubaranna kudu ku awewe deui. Isuk ge mun tepung jeung awewe sejen, moal boa gancang lipurna teh.”
Lukman ngan ngabetem we ngabandungan indung bapa Dinar nu keur ngawadul.
“Punten atuh abdi bade permios heula.” Ceuk Lukman.
“Lukman, hatur nuhun nya mani bela kitu ka Dinar.” Ceuk Mira bari ngusap taktak Lukman bari cirambay.
“Sawios. Tos sakedahna, bu. Abdi sareng Dinar tos nyobat ti kapungkur.”
“Isukan kadieu deui. Ibu melang ku Dinar. Sugan ku Lukman bisa dibangbalerkeun ulah nguluwut teuing.”
“Muhun bu, mangga. Insya Allah.”
Lukman ngoloyong balik. Mira gura giru ka kamar Dinar. Diketrokan sakali teu nembalan. Diketrokan dua kali angger wae euweuh jawaban. Tungtungna panto disurungkeun. Nyampak Dinar keur ngagoler dina dipan. Panonna mencrong kana langit-langit kamar semu nu sedih.
Mira ngarasa hariwang nempo anakna jiga kitu.
“Dinar, anaking, ulah sok matak melang ka indung. Keun we ditampik mah geus lumrahna. Anggur mah geura neangan awewe sejen anu leuwih geulis jeung leuwih bageur.” Ceuk Mira ngupahan anakna.
Dinar malikeun awakna nonggongan indungna semu nu hoream diajak cacarita.
“Saha atuh awewena nu nampik teh?” Mira ngusapan tonggong anakna.
“Ah, wios we Mih, teu kedah terang.” Tembal Dinar laun.
“Ih, mamih mah hayang nyaho we, saha awewena.”
Dinar teu nembalan.  
“Ceuk Lukman mah, ngaranna Wingit. Wingit? Urang mana jeung budak saha? Asana mah Dinar tacan pernah nyaritakeun awewe anu ngaranna Wingit.”
Gebeg Dinar ngagebeg. Pasti si Lukman nu bebeja ka indungna. Teu bisa nyekel rahasia pisan tah si Lukman, ceuk pikirna.  
“Enya ngaranna Wingit?” Mira nyeleksek anakna.
“Muhun.”
“Urang mana?”
“Masih keneh urang Sumedang.”
“Anak saha?”
“Duka atuh ari putra saha na mah, Mih. Abdi teu nyeleksek dugi kadinya.” Tembal Dinar semu kaluman ditanya ku indungna.
“Heu, nya sugan we ari boga kawawuhan awewe teh bari kanyahoan saha indung bapana.” Ceuk Mira bari mikir kudu kumaha ngupahan anakna anu kacirina kacida lungsena.
“Apan meureun Dinar sok nganjang ka imahna. Maenya teuing teu pisan paamprok jeung indung bapana.” Ceuk Mira.
“Kantos tepang sakali. Pami teu lepat mah nami ramana pak Dedi.”
“Pak Dedi mana?”  Mira kerung. “Digawena dimana?”
“Di kantor pajak.”
Mira ngahuleng. Asa teu boga kawawuhan nu ngaranna Dedi nu digawe di kantor pajak. Sugan salakina mah apaleun, engke rek ditanyakeun.
“Ari Dinar wawuh dimana jeung Wingit?”
“Kenal we.”
“Keun we ulah kanyeyerian. Engke ge geura malik jadi Wingit nu ngugudag Dinar.”
Dinar teu nembalan. Beungeutna disumputkeun dina guguling.
“Ari ceuk mamih mah, urusan cinta teh ulah sok kamalinaan. Ditampa syukur, ditampik tong matak gering. Ngewa. Kawas jelema leumpeuh yuni. Katembak sakali langsung ngudupruk. Meningan ayeuna mah popohokeun nu ngaranna Wingit tea, geura neangan gantina.”
“Muhun, Mih.” Tembal Dinar.
“Tah kitu, ulah sok matak hariwang indung. Geura dahar heula kadituh. Mamih mais lauk emas.”
“Alim, Mih. Teu lapar.”
“Bisi gering ari teu dieusian mah. Jung dahar heula. Geus dahar mah rek sare ge pek.”
Kapaksa Dinar nguliat hudang, nuturkeun indungna kaluar. Dahar teh ngan cuman cemen daek teu daek. Teu burung sapiring ledis. Geus kitu mah Dinar abus deui ka kamarna. Goledag ngedeng deui. Bray Wingit nembongan. Dinar humandeuar. Ehm Wingit, teu sangka Wingit nampik….
 Bray panto muka. Indungna ngajanteng dina lawang.
“Pamali gogoleran geus dahar. Jaba geus magrib. Anggur kadituh  geura mandi, shalat magrib heula.” Ceuk Mira.
“Muhun.” Dinar hudang semu hoream. Palebah eunteng nu ngagantung deukeut panto kamar mandi, manehna ngajanteng, mencrong beungeutna nu kacirina sepa. Ehm, bener, ari dibere gering pikir mah beungeut ge kabawa rubah, ceuk pikir hatena.
Bus ka kamar mandi. Gejebur gejebur mandi. Teu lila geus rengse mandina. Awakna karasa seger. Pipikiranna karasa cenghar deui. Gancang shalat magrib. Teu lila geus saged rek kaluar. Dipikiran, bener ceuk Lukman. Euweuh untungnya nyeungceurikan nasib ditampik ku awewe. Mening kaluar jalan-jalan ngabambrangkeun pikir.
Kaluar tikamarna kadenge indung bapana dirohangan tengah keur padungdengan ngawadul. Moal boa ngobrolkeun manehna. Aya rasa era. Gede ku gedena, angger we ka indung bapa teh nyusahkeun wae. Kakara ge nepi ka lawang dapur, kadenge indungna ngageroan.
“Dinar! Rek kamana deui?”
“Bade kaluar heula sakedap, Mih.” Tembal Dinar.
“Kade ulah nyempod deui di balong. Geus peuting.”
“Moal atuh, Mih.” Tembal Dinar bari tuluy ngoloyong kaluar. Nyokot motorna. Distarter, ngoloyong lalaunan kaluar ti buruan. Malem minggu mah jalan teh sok rame. Rea nu kalaluar jaralan jalan. Dinar ngoloyong, teu puguh rek indit kamana. Kumaha ngoloyong motorna weh. Wingit ngolebat deui. Ehm Wingit, resep temen mun Wingit dibonceng. Urang malam mingguan teh babarengan. Henteu jiga ayeuna. Numpak motor sosoranganan. Nasib..nasib….
“Heeeee!!! Matak naon numpak motor teh make panon!!!” Teu pupuguh ujug-ujug aya nu ngahaok. Dinar curinghak reuwas. Gancang manehna ngaerem motorna. Ampir weh motorna ngadupak awewe duaan anu keur meuntas. Dinar istigfar dina hatena. Manehna balangah. Pipikirannya keur manteng wae ka Wingit.
“Hapunten….” Ceuk Dinar.
“Numpak motor teh ulah bari balangah. Geus nabrak batur mah matak cilaka!” Awewe nu rada kolot nyereng nyarekan Dinar.
“Muhun, hapunten.”
“Kakara ge kamari pisan aya budak katabrak motor. Eta da numpak motor teh ngarebut wae. Geus kitu mah pan jadi rugi sarerea.” Awewe nu rada kolot tuluy we nyarekan Dinar.
“Muhun, punten. Abdi nembe balangah.” Ceuk Dinar rada arapap eureupeup dicarekan ku awewe eta teh. Duh, gusti naha nasib abdi mani nalangsa kieu? Keur gering pikir ditampik cinta, ayeuna kalah ka aya nu nyarekan.
“Bibi, atos, wios. Yuk urang uih.” Awewe nu ngora, nu rambutna dibeungkeut hiji ngagenyang leungeun awewe nu keur nyarekan Dinar.
“Awas nya lamun balangah sakali deui, moal aya ampun.” Eta awewe nu kolot kawas kaasupan, jigana teh can wareg nyarekan Dinar. Panonna molotot.
“Atos Bi, apan katabrak na ge henteu. Tos urang uih.” Awewe nu ngora eta gancang nyered awewe nu kolot nu disebut bibi tea.
“Punten Kang, ieu bi Nani kalahka nyeuseulan.” Awewe eta sasadu ka Dinar. Semu nu karunyaeun nempo Dinar dicarekan.
“Teu sawios. Abdi anu nyuhunkeun dihapunten. Rumaos lepat.” Ceuk Dinar bari imut.
Awewe nu disebut bi Nani nilik-nilik Dinar. “Ke..ke.. ieu teh putrana bu Mira sanes?” Ceuk awewe eta nanya.
“Sumuhun.” Tembal Dinar bari ngagebeg, sieun dilaporkeun ka indungna, tambah panjang masalahna. Nabrak ge acan, tapi urusan kawas nu geus jeger nabrak enyaan.
“Paingan atuh mani asa-asa.” Bi Nani ujug-ujug seuri. “Apan bibi pernah kabumi bu Mira basa nganteurkeun kueh. Apan encep anu mukakeun panto basa harita teh.”
Dinar ngan ukur colohok, teu inget iraha pernah panggih jeung Bi Nani.
“Harita teh kulawarga Neng Leli nembe ngalih kadieu. Tatangga-tatangga nu caket dikintunan kueh. Tah ieu neng Leli teh.” Bi Nani nyerengeh ka Leli.
“Hayu bibi urang uih.” Leli nyekelan leungeun bi Nani.
“Oh kitu.” Dinar imut. “Dupi bumina nu palih mana?”
“Tuh, kapalih ditu. Mengkol ka kenca, teras kakatuhu, teras weh lempeng sakedik. Tah didinya. Nu pagerna hideung. Dipayunna aya tangkal buah.”
“Oh, muhun.”
“Nembe dua sasih ngalih kadieu. Encep mah panginten teu acan terang gaduh tatangga enggal. Mung bibi mah tadi basa ningali encep, ngadadak bibi emut, encep nu mukakeun panto basa bibi nganteuran kueh.”
“Kumaha bibi mani tiasa emut ka abdi, apan tepang ge mung nembe sakali?” ceuk Dinar padu nanya bari panonna ret deui ret deui ka Leli nu ngan saukur ngajanteng ngadengekeun Dinar ngobrol jeung bujangna.
“Gampil atuh Cep,  ti sadayanan bumi anu ku bibi dianjangan nganteuran kueh pamasihan ibuna neng Leli, mung encep  nu pangkasepna nu mukakeun panto. Jadi bibi masih emut keneh ka raray encep.” Bi Nani seuri.
Dinar ngabelehem seuri. “Nuhun atuh bi Nani pami  raray abdi babari ngemutkeun na mah.” 
“Hapunten bibi mah sok heureuy. Dupi jenengan teh saha tea. Kade bilih hiji waktos bibi dipiwarang ku dunungan ka bumi encep deui, bibi ulah disaha-saha nya.”
“Abdi Dinar, Bi. Moal atuh. Mangga atuh bibi bade kabumi deui mah.”
“Mangga atuh bade permios. Atuh ayeuna mah bagean Encep nu ameng ka rorompok… aeh, sanes imah bibi eta ge, imah dunungan bibi. Sanes ameng ka bibi. Di imah  bibi teh pan aya kembang keur sumedeng ligar. Geus seueur nu hayang metik, ngan ku bibi mah sok diulah-ulah keneh. Lebar. Engke ge da bakal aya nu metik. Nu bibi ge sarua panujuna.”
Sajongjongan Dinar teu ngarti naon nu diomongkeun ku Bi Nani. Ngan basa kaciri bi Nani ngareret ka Leli, manehna surti. Dinar ngagelenyu imut.  
“Bi Nani mah sok kamana wae. Hayu ah.” Leli nu jigana mah rumasa keur disindiran ku bi Nani, gancang  nyered deui leungeun bi Nani.
“Mangga, bi. Insya Allah. Pami ditampi mah.” Tembal Dinar daria pisan.
“Moal burung ditampi. Maenya teuing ditolak. Kanu kasep mah bibi teh sok nyaahan. Mangga permios.” Ceuk bi Nani bari seuri deui. Ngan teu bisa nyarita kapapanjangan deui da kaburu leungeunna disered ku Leli.
Dinar merongkeun bi Nani jeung Leli nu leumpang ngajauhan. Ngadadak Dinar garasa guligah deui. Inget deui kana omongan bi Nani bieu, nyeh manehna seuri sorangan. Teu saeutik-eutik acan manehna inget ka Wingit.
Motorna ngoloyong deui lalaunan mapay-mapay jalan. Lampu mani ngebrak caang. Jalan rame jeung pinuh ku mobil, motor jeung nu pasuliwer lilir liwat.  Malam minggu mah geus biasa sok rame. Jelema kawas nu rabul kaluar.  Ngadadak hatena ngarasa gumbira deui. Kasedih jeung kasusah nukarandapan ku manehna sapoe jeput nepi ka nyempod di balong sapopoe singlar teu pupuguh. Motorna tuluy we kokoloyongan teu puguh rek kamana. Da niatna ge ngan saukur rek jalan-jalan. Hayang ngabambrangkeun pikir. Sugan jeung sugan we manehna teu nguluwut teuing. Gusti Allah maha welas asih. Geuningan ayeuna pipikiranna geus teu nguluwut teuing kawas tadi beurang.

-- 0 --

Rebun-rebun subuh  panto kamarna geus diketrokan. Mira abus ka kamar bari ngaguyah-guyah Dinar nu keur ngarengkol keneh disimbut. Panon Mira kaciri carindul, moal boa sapeupeuting ceurik mangwatirkeun ka nasib anakna nu keur ngarandapan tunggara hate.
“Dinar, geura sholat heula, kasep.” Mira ngaguyah-guyah awak Dinar.
Dinar nguliat. Simbut kalah beuki ditarik ngarungkupan  sirahna. Tunduh keneh. Manehna ngarengkol deui.
“Eta geura kalah ka ngarengkol deui. Geura sholat anggur mah. Tuluy mandi.” Ceuk Mira bari ngabetot simbut nu ngarungkupan awak Dinar.
Kapaksa Dinar beunta sanajan tunduh keneh ge. Manehna nempo panon indungna mani carindul.
“Kunaon mamih mani carindul kitu?” ceuk Dinar.
“Sapeupeuting mamih mah teu bisa sare. Mamih karunya ka Dinar. Ulah jadi gering pikir, nya. Ditampik ku awewe mah jamak. Ulah tuluy jadi kagegeringan.” Ceuk Mira bari ngusapan bitis anakna.
“Abdi mah tos teu nanaon, Mih.” Walon Dinar, jadi karunya kanu jadi indung jadi milu mikiran manehna, ari nu dipikiran geus teu nanaon deui.
“Mamih teh geus hayang pisan nempo Dinar geura rumah tangga. Meureun can waktuna we Dinar tepung jeung jodo. Engke ge da jodo mah pasti aya. Ngan jelema mah apan kudu upaya heula. Jodo teh moal ujug-ujung kurunyung, kudu disiar heula. Tah dina nyiar jodo teh arang jelema anu mulus jalanna, sok kudu aya wae halangan harunganna. Urang nu kudu kuat.” Ceuk Mira.
Dinar hudang. “Muhun, Mih. Bade ka cai heula.”
“Sakalian mandi.”
Dinar nyerengeh. “Mamih mah ka abdi teh mani sok kawas ka budak bolon wae. Abdi teh tos dewasa, tos janten pagawe.”
“Rumasa geuning geus lain budak, matakna kalakuan teh ulah  bubudakeun wae atuh. Ditampik ku awewe kalah nyempod sapopoe di balong.” Ceuk Mira bari jung kaluar kamar.
Teu lila Dinar geus saged make seragam. Kakara tilu bulan manehna jadi pagawe nagri. Alus milik ceuk babaturanna mah. Testing sakali tuluy lulus. Ditempatkeun di kantor kecamatan. Rada jauh ti imahna. Dijugjug ku motor mah teu karasa. Gancang nepi.
Kaluar ti kamar nyampak indungna geus ninyuh cikopi keur manehna. Diteundeun dina luhureun meja makan. Cikopi ngebul panas keneh.  
“Geura sasarap heula.” Ceuk indungna bari song ngangsorkeun cikopi kahareupeunnana. Dina meja geus nyampak aya dadar endog, sayur kacang jeung lauk asin. Sangu ngebul panas geus diwadahan dina boboko da bapana mah mun sangu kudu wae dibobokoan najan ngasakeunna mah dina magic com. Ngarah seungit, cenah. 
“Moal, Mih. Cekap cikopi we.” Tembal Dinar bari gek diuk nyanghareupan cikopina nu masih keneh ngebul panas.
“Kumaha dikantor?” Indungna gek diuk pahareup-hareup dina meja makan.
“Kitu we.” Tembal Dinar bari nguyup cikopina lalaunan da panas keneh.
“Kitu we kumaha? Resep?”
“Tangtos atuh ari resep mah. Dikantor mah sok rame wae.”
“Nya syukur atuh. Kade di kantor ulah sok nguluwut. Ulah sok nembongkeun mun urang keur susah hate. Batur mah batur. Mun urang keur susah sok aya nu hayang nyeungseurikan. Jiga mangkarunyakeun boa  sabenerna mah ditukangeun mah kalah ka hayang mupuas. Mun urang keur bungah ulah sok nembongkeun teuing oge, bisi matak sirik batur. Nu sawajarna we.” Ceuk Mira mapagahan anakna.
“Muhun, Mih.” Tembal Dinar bari ngaregot deui cikopina.
“Ceuk mamih mah, ayeuna mah Wingit geura popohokeun. Anggur mah geura neangan awewe nu saluyu jeung urang. Batu turun keusik naek. Itu purun urang daek. Kade ulah sok nyeungceurikan awewe. Awewe mah loba. Ditampik ku hiji, engke ge rea nu hayangeun. Engke ku mamih dibere jampena.”
“Jampe naon?” Dinar nyerengeh.
“Jampe pamake mamih. Pamere ti nini. Mun ka urang aya nu nampik, gancang nyacapkeun eta jampe. Moal boa ngabring nu hayangeun ka urang.”
“Ah, alim abdi mah nganggo jampe mah, Mih. Hoyong hiji we nu leres. Seueur nu hoyongeun ge kanggo naon ari teu aya nu leres mah.” Dinar seuri.
“Bener eta teh. Teangan mah jodo nu hiji.  Komo Dinar mah sabenerna geus teu perlu make jampe-jampe sagala rupa. Kasep geus aya di Dinar, bageur geus aya di Dinar. Keur kasep jeung bageur teh, bener deuih, ditambah dedegan mani sakieu pantesna.” Indungna seuri semu ngaheureuyan anakna.
Dinar jongjon we ngopi. Semua hare-hare.
“Mamih mah teu hariwang. Lain Mamih agul ku Dinar, da kitu buktina.  Isuk pageto oge Insya Allah panggih jeung anu dipikahayang ku Dinar.”
“Muhun Mih, nyuhunkeun pidu’ana wae. Bade angkat ka kantor ayeuna bilih kasiangan.” Ceuk Dinar bari jung nangtung. Kopina dina gelas geus ledis, tinggal dedekna wungkul.
“Didu’akeun  pisan ku Mamih mah. Ayeuna mah tempo we  kapihareupeunna, ulah nginget-nginget deui mangsa katukang. Nu geus kaalaman jadikeun eunteung. Lain keur diceungceurikan.” Indungna milu nangtung.
Dinar ngangsorkeun leungeunna, ngok nyium tonggong leungeun indungna. Leungeun indungna nu kenca ngusapan taktakna. Karasa kanyaahna nu jadi indung mani teleb.
Cle numpak motorna. Distarter. Koloyong indit.
Manehna salse numpak motorna da isuk keneh. Keun we da moal kabeurangan. Mun kabeurangan ge da tara unggal poe, ceuk pikirna. Sajongjongan motorna ngoloyong dijalan nu can pati rame. Koloyong. Koloyong. Motorna ngoloyong muru tempat pagaweannana di kantor kacamatan.
Palebah jalan cagak, kaciri aya awewe keur ngajanteng megat angkot. Teu salah deui Lasmi, batur sakantorna. Reg motorna eureun dihareupeun Lasmi.
“Teh, hayu sareng…… “
“Eh, geuningan Dinar. Mani kaleresan atuh.” Ceuk Lasmi bari gek diuk dina jok. Koloyong motor maju deui.
“Nyandak naon eta mani sabebedan kitu?” ceuk Dinar pedah nempo Lasmi nanangkeup map sabebedan.
“Biasa we padamelan, teu kabujeng didamelan dikantor dicandak weh kabumi.” Tembal Lasmi.
Lasmi jadi bendahara dikantorna. Ceuk batur mah Lasmi pedit, mun menta duit ka bendahara mani sok kudu jentre keur naon-naonna. Tapi ari ceuk Dinar mah Lasmi teh puguh bageur, babari mun ngumaha  teh, asal puguh keur naon-naonna.
Jalan ka kacamatan teu pati rame kawas dikota. Motor mamprung tumaninah sapaparat jalan teu kudu pasedek-sedek kawas dikota nu pabaliut ku motor jeung mobil.  Angin isuk karasa seger. Sababaraha kali Dinar nyiap mobil. Teu kaur nyiap, Lasmi muntang mani pageuh kana cangkeng Dinar.
“Kade ah, paur.” Ceuk Lasmi semu nu hariwang.
“Moal atuh. Tos biasa balap motor.” Tembal Dinar bari seuri.
“Ih, atuda beda ieu mah lain keur balap motor.”
Motor mamprung beuki tarik. Lasmi muntang beuki pageuh. Teu kungsi lila geus nepi ka kantor kacamatan. Lasmi turun tina boncengan, tuluy noyod we abus ka kantor tipipir. Dinar neundeun motorna ditukang. Abus kajero kantor tijalan tukang.  Rohana, dunungannana geus datang. Camat kurunyung datang. Teu lila kabeh apel. Beres apel kabeh bubar, ngurus pagaweanna sewang-sewangan. Lasmi kurunyung abus ka rohangan.
“Dinar, dinten ieu moal kamamana?” ceuk Lasmi.
“Moal, teu acan aya acara. Naon kitu?”
“Pami moal kamamana, anteur atuh teteh ka pemda. Ka bagian keuangan. Bade masihkeun SPJ.”
“Mangga. Ke rada siangan atuh nya,”
“Muhun.” Lasmi kaluar deui.
Jam satengah salapan Dinar geus ngabonceng Lasmi rek ka pemda. Geus biasa mun manehna keur salse, Dinar sok nganganteur nu dibagian keuangan ka pemda.  Sakapeung sok nganteur  Ida, kapala urusan keuangan dunungan Lasmi, sakapeung sok ngabonceng Lasmi. Pedah ka pagawe anyar meureun, ari ka Dinar mah nu dikeuangan sok warani menta tulung nganteur kaditu kadieu. Katambah Dinar na oge tara kaleked mun diajakan teh. Ari keur salse mah manehna sok daek wae nganganteur.
Jalan lenglang. Resep mun kekebutan teh. Hanjakal ari keur mawa Lasmi mah Dinar tara wani ngebut da Lasmi sok ngagembreng wae ngingetkeun manehna ulah ngebut. Ari alon  teuing iraha nepina. Motor ngabiur, mimitina mah alon we kawas sasari, lila-lila mah teu karasa motor geus mamprung tarik. Sabaraha kali nyiap treuk jeung mobil.
“Dinar, ulah tarik teuing! Ieu erok teteh nepi ka nyingsat!” Lasmi gegerewekan mimiti ngarasaeun motor geus ngebut.
“Teu ngebut sakieu mah atuh teh, meh enggal dugi.”
“Ah, Dinar mah. Teteh paur.” Lasmi nyekelan kana cangkeng Dinar mani pageuh. Kaciri borangan pisan na teh. Tina kaca spion Dinar nempo Lasmi mani kerung-kerung wae semu paur. Dinar nyerengeh sorangan. Beungeutna katutup ku helm. Mun Lasmi nempoeun manehna nyerengeh mah moal boa Lasmi  nyahoeun Dinar keur ngaheureuyan manehna da biasana oge tara ngebut. Kakara wawuh tilu bulan ge  jeung Lasmi asa geus lila wawuh. Lasmi sok nga-teteh-keun wae ka manehna da umurna saluhureun tilu taunan ti Dinar.
Jalan ka kota teh pungkal pengkol. Keur mimiti ngantor mah, sok asa paur mun indit ngaliwatan palebah nu pungkal pengkol teh. Ari lila-lila mah asa biasa. Motor ngabiur  beuki tarik, hayang geura nepi ka kota. Siuuuuttttttt…… bruaaaakkkkk……
Palebah jalan cagak, teu kanyahoan ujug-ujug aya mobil mengkol mani tarik. Mobil nu keur ngangkut sayuran. Dinar reuwas. Teu kawawa bujur motor  kadupak ku mobil. Motor ngoleang. Lasmi ngajerit mani tarik. Awakna kabalangkeun. Lasmi ngagoler dina aspal. Motor ngagubrak ngagoler ditengah jalan. Dinar tikusruk bareng jeung motorna. Jelema disisi jalan rame pada muru. Mobil nu keur ngangkut sayuran nyisi,  ngan barang nempo nu numpak motor ngagaloler, manehna buru-buru mamprung indit deui sieun katempuhan.  
Dinar hudang bari sukuna karasa nyeri. Manehna ngarenjag reuwas nempo Lasmi ngagoler. Sukuna pinuh ku getih. Jelema rabul pada nulungan. Sawareh ngadorong motorna ka sisi jalan. Sawareh mangku Lasmi kasisi jalan ka tempat nu iuh. Dinar leumpang ingkud-ingkudan nyampeurkeun Lasmi nu kapaehan bari baloboran getih palebah bitisna.  
“Teh….teteh….” Dinar nyekelan leungeun Lasmi.
“Kapaehan. Gancang pegat angkot. Ka rumah sakit.” Ceuk salah saurang kanu keur narulungan. Nu saurang gancang nyegat angkot nu kabeneran liwat. Lasmi digotong diabuskeun kana angkot. Dinar nempo motorna nu ngagoler. Kabeneran aya warung disisi jalan. Bari ingkud-ingkudan Dinar nitipkeun motorna kanu boga warung. Tuluy manehna milu naek kana angkot, mawa Lasmi karumah sakit. Tas Lasmi nu ngagoler pabalatak jeung map gancang diperenan tuluy dibawa kumanehna. Tas disoren. Map ditangkeup. Mobil angkot gancang ngabiur muru ka rumah sakit. Dinar ngan ngahuleng we teu bisa ngomong. Pipikiranna ngarasa bingung. Leungeun Lasmi dicekelan. Nu dicekelan masih keneh teu eling.  Getih tina bitisna  maseuhan erok  seragamna. Dinar teu puguh rarasaan. Sieun Lasmi kumaonam.
Teu lila angkot geus nepi ka rumah sakit. Lasmi tuluy digotong kabagian gawat darurat. Dinar ucah icih bari ingkud-ingkudan ngurus sagala rupa administrasina. Perawat duaan  ngurus Lasmi. Getih diberesihan. Bitis Lasmi aya nu soek. Dikaput. Dinar oge dipariksa. Manehna ngan gareuneuk wungkul palebah sukuna. Teu lila Dinar gancang nelepon Rohana. Bebeja manehna kacilakaan jeung Lasmi. Teu lila krang kring nu dikantor reang narelepon nanyakeun kumaha-kumahana. Dinar ngajawab saperluna wae. Manehna bingung nempo Lasmi. Jeung sieun Lasmi kumaonam. Palebah gadonana aya nu dadas pedah tikusruk kana aspal. Ngan bitisna na rada parna mah. Dikaput teuing sabaraha jaitan. Dinar teu kecet-kecet nungguan Lasmi. Lasmi geus mimiti sadar. Cipanonna cirambay maseuhan pipina. Dinar ngabetem rumasa salah. Rumasa numpak motor tarik. Apan geus dicarek ku Lasmi ge. Tah geuning ayeuna kieu kajadiannana. Nempo Lasmi cirambay, teu burung Dinar ge milu ngalimba.
“Teh, hapunten. Abdi rumaos lepat.” Ceuk Dinar dareuda.
“Teu nanaon. Tos katarik urang cilaka duaan, Dinar.” Ceuk Lasmi laun. Manehna nempo sukuna dijait. Berebey-berebey deui cimatana. Dinar beuki teu puguh rasa.
“Teh, aya nu dijait bitis teteh. Aya nu soek.”
“Duh, Gusti.” Lasmi peureum. Cipanonna ngalembereh maseuhan pipina.
Teu lila kurunyung Ida jeung Rohana.
“Astagfirullahualazim…” Ida ngusapan Lasmi.
“Kumaha kajantenannana ieu teh, pak Dinar?” Rohana nanya ka Dinar.
Berebet Dinar nyaritakeun kajadian tadi tibarang indit ti kantor. Ngan teu bebeja mun ku Lasmi geus dicarek ulah ngebut. Moal boa manehna nu disalahkeun.
“Tos katarik cilaka we ieu mah. Sanajan urang geus ati-ati ge ari geus kuduna cilaka mah nya cilaka.” Ceuk Rohana ngupahan Dinar nu kaciri keneh reuwasna. Rohana tuluy nempoan bitis Lasmi nu kakara beres dikaput, geus diperbannan.
“Kumaha saur dokter?” Rohana malik deui nanya Dinar.
“Saurna mah ke antosan antawis sajam dua jam. Katingalina mah tiasa dicandak uih.” Tembal Dinar.
“Ari pak Dinar teu kukumaha?” Ida nanya.
“Henteu. Mung bared wungkul. Ieu tuur.” Ceuk Dinar bari nembongkeun tuurna. Calana seragamna soek palebah tuurna. Manehna teu malire kaayaan dirina. Nu matak melang mah Lasmi bisi kumaonam.
Teu lila perawat datang. Rohana cacarita jeung perawat eta. Tuluy Rohana nyampeurkeun Dinar.
“Tos tiasa dicandak uih geuningan.” Ceuk Rohana.
Dinar ngucapkeun syukur dina hatena.
“Akang nyandak mobil. Urang jajapkeun we kana mobil ka bumina.” Ceuk Rohana.
Lasmi geus bisa hudang. Manehna murengked nahan kanyeri. Dipayang ku Rohana jeung Dinar kana mobil Rohana. Ida nuturkeun bari mawa tas jeung map Lasmi.
Nepi ka imah Lasmi, teu burung indungna Lasmi ceurik aung-aungan nempo Lasmi sukuna diperban.
“Aduhhhhh, kumaha ieu teh kajadiannana?” Indung Lasmi ceurik. Adi Lasmi nu awewe kabawakeun ceurik. Mang watirkeun nempo lanceukna bajuna soek jeung pinuh ku getih.
Rohana nu nyaritakeun mani jentre kajadiannana. Bari ngupahan indungna Lasmi sangkan ulah nyalahkeun Dinar. Dinar ngabetem wae semu bingung. Jeung sieun dicarekan ku indungna Lasmi. Mawa anak batur kalah cilaka. Indung Lasmi mimitina mah gegerungan ceurik. Ari geus ngadenge omongan Rohana ceurikna rada rerep. Manehna nempo ka Dinar semu watir.
“Ulah dijantenkeun emutan, Cep. Tos katarik cilaka. Tos kedahna cilaka. Untung sakieu ge Gusti Allah masih keneh nangtayungan urang sarerea.” Ceuk indungna Lasmi ka Dinar semua ngupahan nempo Dinar mani teu kemek-kemek ngabetem wae. “Ari encep teu kunanaon?”
“Mung bared sakedik, bu. Hapunten abdi balangah. Teu sangki bakal kacilakaan kieu.”
“Ulah janten emutan. Tos kieu kajantenannana.” Ceuk indung Lasmi.
Lasmi ngagoler dina korsi panjang bari rambay cimata.  Dinar mani ngahuleng nempo Lasmi teu eureun-eureun rambay cimata. Manehna ngarasa asa dosa. Lamun nurut mah ka Lasmi ulah ngebut meureun moal kieu kajadiannana.
“Teh, hapunten abdi.” Ceuk Dinar mani alum.
“Teu nanaon, Dinar. Teteh nu nyuhunkeun dihapunten. Pami teteh henteu ngajakan Dinar mah panginten moal kieu kajantenannana. Motor Dinar kumaha?” ceuk Lasmi dareuda. Manehna ge jadi watir nempo Dinar siga nu teu puguh rasa.
“Dititipkeun tadi ka tukang warung.” Tembal Dinar.
“Ari Dinar teu kukumaha?” Lasmi nempo calana saragam Dinar nu soeh palebah tuurna.
“Mung tuur wungkul bared.”
“Ayeuna mah da tos puguh Lasmi tos dicandak deui ka bumi, meningan pak Dinar nyandak motor. Hayu dianteur katempat tadi. Engke diditu kumaha-kumaha na mah.” Ceuk Rohana.
“Muhun, mangga.” Tembal Dinar.
Rohana, Dinar, Ida pamitan kanu boga imah. Teu lila mobil geus nepi ka warung tadi tuluy tarurun. Ceuk nu boga warung, mobil nu ngangkut sayuran teh ngan nyisi sakeudeung, barang nempo nu katabrak ngagoler disisi jalan, manehna kalah ka kabur, sieun dikukumaha. Teu buru kaudag da jelema keur pahibut nulungan nu pating galoler dijalan.  
Dinar nempoan motorna. Dihirupan. Kacirina mah teu nanaon mesin motorna mah. Ngan aya dengo disababaraha bagian. Motor masih bisa keneh dipake balik.  
“Kumaha motorna?” Rohana nanya.
“Katingali na mah teu nanaon. Mung bade dicandak we ka bengkel.” Ceuk Dinar.
“Kiat nyandak motor ka bengkel?”
“Kiat, pak. Hatur nuhun. Hapunten abdi bade teras wae wangsul.”
“Muhun mangga. Mun aya nanaon wartosan.” Ceuk Rohana.
“Muhun.”
Rohana jeung Ida abus deui kana mobil. Mobil ngoloyong ka kantor kecamatan deui. Dinar naek kana motorna. Sanggeus nganuhunkeun ka tukang warung, manehna ngoloyong balik. Teu jauh ti imahna aya bengkel, geus langganan, gancang motor diabuskeun ka bengkel sina dipariksa jeung diomean naon-naonna nu ruksak. Manehna balik ka imahna numpak angkot. Teu lila geus nepi.
“Ku naon eta leumpang ingkud-ingkudan kitu?” Indungna nanya barang Dinar jol. Barang ret kana tuur Dinar nu calanana soek palebah tuurna, indungna kaciri pisan mani reuwaseunnana. “Eta kunaon calana soek? Labuh tina motor? Ari motorna mana?”
Dinar diuk nanghunjar dina korsi. “Muhun, geubis tina motor.” Tembal Dinar.
Indungna gek diuk digigireunnana bari nyekelan suku Dinar.
“Ambeuuuu, apan eta tuur mani geuneuk kitu? Labuh dimana? Ceuk mamih ge ieuh, ulah sok ngebut. Salse we. Geus cilaka mah nu rugi awak sorangan. Imasssss…. Imasssss….. “ Indungna gegeroan nyalukan bujangna.
Imas kurunyung ti dapur.
“Nyokot cai panas kana baskomkeun. Bari mawa anduk leutik deuih.”
“Muhun.”
Teu lila Imas geus kurunyung deui mawa cai panas dina baskom jeung anduk leutik. Mira ngompres tuur Dinar. Mimitina mah karasa panas. Lila-lila mah karasa ngeunah, tuur nu geuneuk dikompresan. Dinar teu wani cacarita. Manehna kalahka ngarasa bingung. Mun bebeja saujratna, moal boa indungna bakal ngagoak mun nyahoeun manehna cilaka bari ngabonceng Lasmi. Indungna sok tuluy kapapanjangan. Matak manehna mening ngabetem wae. Engke mun manehna geus ngarasa tenang, kakara bakal bebeja nu saenyana ka indungna. Ayeuna mah mening ngompresan heula tuurna sangkan ulah karasa nyeri teuing.
Geus rengse ngompresan tuurna, Dinar ganti baju. Tuluy manehna ngedeng, gogoleran. Pipikirannana inget wae ka Lasmi. Karunya. Moal boa Lasmi ayeuna keur herang herung ngarasakeun kanyeri. Tadi mah meureun baal keneh. Ayeuna geus pasti sagala rupa karasa nyareri. Leng manehna ngahuleng. Sanajan sukuna karasa keneh nyeri, ngan hatena teu weleh melang inget wae ka Lasmi. Sieun Lasmi kumaonam. Dikumaha oge manehna nu kudu tanggung jawab da Lasmi cilaka babarengan jeung manehna. Hayang jung indit deui ka imah Lasmi ngan tuurna masih keneh karasa nyeri. Engke we sore rek ka imah Lasmi deui, ceuk pikirna. Teu karasa reup weh peureum.
Pasosore Dinar hudang. Ret kana jam. Geus jam satengah 4. Inget deui ka Lasmi. Ah, rek maksakeun we indit ka imah Lasmi, ceuk pikirna. Gancang manehna mandi, shalat ashar, tuluy kaluar.
“Rek kamana deui?” Indungna nu keur popolah didapur nanya nempo Dinar kacirina geus saged jiga rek indit-inditan.
“Bade kaluar heula, Mih. Kabumi rerencangan.” Tembal Dinar.
“Apan eta tuur masih keneh nyeri, lin? Ulah waka udar ider atuh. Matak naon cicing heula diimah.”
“Peryogi pisan, Mih.” Dinar gura giru kaluar, embung kapapanjangan cacarita jeung indungna. Jeung sieun kalepasan betus ngobrolkeun cilaka jeung Lasmi. Moal boa indungna reuwaseun pisan.
Dijalan manehna nyegat angkot. Teu lila geus nepi ka imah Lasmi. Kasampak Lasmi geus beda jeung tadi. Geus mandi, geus ganti baju. Kacirina beungeutna geus seger deui. Keur ngagoler dina korsi panjang dirohangan tengah bari nonton televisi. Dinar ngarasa ngemplong. Nu dipikasieun ku manehna mun Lasmi katutuluyan. Ari nempo Lasmi kacirina geus mending mah manehna ngarasa bungah.
“Kumaha, Teh?” ceuk Dinar.
Lasmi imut. “Tos sakinten, Dinar. Mung ayeuna mah karaos sing sariut nyeri saawak-awak.” Tembal Lasmi.
“Sakali deui hapunten abdi nya, Teh.”
“Sanes lepat Dinar, ieu mah tos milik urang duaan we kedah ngalaman cilaka.” Ceuk Lasmi semu ngupahan Dinar.
“Abdi ngaraos asa dosa wae, mun nurut mah ka teteh ulah ngebut, meureun moal cilaka.”
“Ah, teu kitu. Sanajan lalaonan ge ari tos katarik kedah cilaka mah nya cilaka we.” Lasmi ngareret ka tuur Dinar. “Kumaha tuurna? Masih keneh geuneuk?”
“Tadi tos dikompresan, tos sakinten.”
“Naha atuh make waka kadieu?”
“Teu raos wae hate, emut wae ka teteh. Asa dosa.”
“Ari motor dikabengkelkeun?”
“Muhun. Enjing ditingali.”
“Dinar, untung tadi emut kana tas sareng berkas-berkas teteh nu maruragan. Maning eusina teh artos kantor sareng padamelan teteh kenging kamari ngadeluk wae. Mun ku Dinar teu diampihan teh panginten lapur sagala rupina.”
“Muhun, tadi ningali tas sareng map pabalatak sakantenan we dicandakan waktos teteh ngagoler…...” Dinar teu kebat nyaritana. Asa inggis inget deui kana kajadian tadi beurang.
“Teteh ngagoler ditengah jalan? Kapaehan?  Duh, mani sieun ngabayangkeunnana.” Lasmi peureum semu inggis. Bray beunta deui. Kaciri panonna baseuh deui.
Indung Lasmi kurunyung nyuguhan cai jeung lalawuhna. Dinar jadi ngarasa era sorangan.
“Wios bu, ulah ngarepotkeun.”
“Ah henteu ngarepotkeun. Mangga dileueut.” Tembal indung Lasmi.
“Ari rama kamana?” Dinar nanya.
“Pun bapa mah parantos ngantunkeun dua tahun kapengker.” Tembal Lasmi. Sorana ngadadak dareuda deui.
“Oh, punten. Teu terang.” Ceuk Dinar.
Dinar nempo perban dina bitis Lasmi. Meureun bitis nu bodas ngahumut teh ayeuna mah geus cedaan.
“Duabelas jaitan.” Ceuk Lasmi nuturkeun panon Dinar nu keur nempo bitisna.
“Geura enggal damang, Teh.”
“Muhun, doakeun we. Jabi dikantor teh apan  teteh  nuju seueur padamelan. Karunya bu Ida panginten pakipuk nyalira mereskeun padamelan nu masih keneh balacacaran.”
“Ulah waka ngemutan padamelan. Enjing abdi bade lapor ka pak camat. Samentawis mah milarian heula gentosna bari ngantosan teteh damang.”
“Nuhun, Dinar.” Lasmi imut ngagelenyu.
Duanana ngobrol uplek kaditu kadieu. Ngobrolkeun di kantor. Ngobrolkeun sagala rupa nu pikaresepeun. Tungtungna duanana saleuseurian, ampir poho kana kajadian tadi beurang.
Geus rada lila, kakara Dinar amitan. Hatena ngarasa  bungah nempo Lasmi geus bisa seuseurian deui.
“Enjing Insya Allah abdi kadieu deui, Teh.” Ceuk Dinar basa rek amitan.
“Nuhun, Dinar.”
Basa sukuna ngagejlig nincak buruan imah Lasmi nu pinuh ku tatangkalan jeung kekembangan, hate Dinar karasa beda. Beda teu kawas tadi keur inditkeun, pinuh ku kamelang jeung kainggis. Beda teu cara tisasari. Asa aya bungah jeung bagja nu nyaliara dina hatena. Asa hayang balik deui ka imah ieu. Ngadadak jadi hayang remen tepung jeung Lasmi. Ngadadak hatena ngarasa nyantel ka Lasmi. Palebah pager aya tangkal kacapiring nu keur karembangan. Dinar ngajanteng sakeudeung merongkeun kembang kacapiring nu warnana bodas. Ngadadak manehna ngarasa hayang metik kembangna. Moal boa seungitna. Manehna metik kembang kacapiring. Diambeuan. Bener seungit pisan. Kembang kacapiring diabuskeun kana saku calanana. 

--- 0 ---

Dua poe Dinar teu ngantor. Tuurna mimitina mah karasa bareuh. Dileukeunan dikompresan teu burung rada kempes. Poe katilu kakara Dinar ngantor deui. Geus bisa leumpang teu pati ingkud-ingkudan teuing. Nyimpang heula ka bengkel mawa motorna nu keur diomean. Nu dengo geus bener deui. Kakara manehna indit ka kantor. Lalaunan we ngajalankeun motorna, teu wani ngebut deui. Masih keneh ngarasa inggis. Inget ka Lasmi waktu harita nu gegerewekan nyarek manehna ulah ngebut. Ehm, cacakan mun manehna nurut mah meureun moal kieu kajadiannana. Asa ngarasa dosa ka Lasmi. Karunya. Ayeuna Lasmi jadi teu bisa ngantor maning keur sakitu rea nu keur dipigawean ayeuna jadi kabolerkeun. Ras inget ka bitis Lasmi nu dikaput. Bitis nu tadina ngageplak bodas teh meureun ayeuna mah geus cedaan. Karunya.
Palebah imah Lasmi, Dinar rubah pikiran. Hayang nyimpang heula ka imah Lasmi. Motorna ngoloyong abus ka buruan imah Lasmi. Pepelakan  kaciri harejo ngemploh kaurus. Kekembangan laligar. Matak resep. Sanggeus ngonci motorna, Dinar hanjat ka tepas. Mencet bel. Indungna Lasmi anu mukakeun panto.
“Euh, geuning cep Dinar. Naha henteu ngantor?” Indungna Lasmi ngabageakeun.
“Nembe bade angkat, bu. Emut ka teh Lasmi, sindang heula.” Tembal Dinar bari nuturkeun indungna Lasmi abus kajero imah. Kakara sadar, manehna tacan dititah abus kunu boga imah. Kawas geus remen nganjang wae bisa lar sup sangeunahna.
“Hapunten, abdi teras lebet wae.” Ceuk Dinar aluman elemen kaeraan sorangan.
“Muhun mangga. Teras we lebet. Itu tetehna nuju ngagoler we bari geuning titadi tos uprak uprek wae kana padamelan kantor.” Ceuk indungna Lasmi.
Kasampak dirohangan tengah, Lasmi keur diuk nyangsaya dina korsi panjang bari mukaan laptopna nu ditunda dina lahunannana.
“Eh, geuningan Dinar.” Ceuk Lasmi.
“Kumaha ayeuna, teh?” Gek Dinar diuk dina korsi dihareupeun Lasmi.
“Tos sakinten ayeuna mah. Mani tos hoyong geura enggal damang, ieu padamelan mani seueur keneh anu kedah direngsekeun.” Tembal Lasmi.
“Ulah waka ngemutan padamelan kantor atuh teh, langkung sae damang heula.”
“Sok asa teu paruguh wae, karunya ka bu Ida sakieu seueurna anu kedah didamelan.”
“Bu Ida ge tangtos ngartos, moal miwarangan teteh samentawis mah. Ngantosan teteh damang heula.”
“Ari Dinar naha henteu ngantor?”
“Bade angkat ka kantor, mung nyimpang heula.”
“Bade ngadamel cikopi?”
“Wios ulah. Atos tadi dirorompok.”
“Ih atuda benten. Tadi mah dibumi, ayeuna mah didieu.” Ceuk Lasmi bari ngageroan adina nitah mangnyieunkeun cikopi.
Teu lila kurunyung adina Lasmi mawa cikopi. Sok ditunda dina meja dihareupeun Dinar.
Dinar kapaksa nginum heula cikopi. Ngobrol heula sakeudeung jeung Lasmi, tuluy amitan rek muru ka kantor. Teu poho nitah Lasmi istirahat heula ulah waka uprak uprek migawean pagawean kantor. Lasmi ngan saukur seuri ngadenge Dina mamagahan manehna.
“Muhun, mangga.” Ceuk Lasmi bari seuri.
“Tah, geuningan tos tiasa seuri. Reugreug ka abdina ari teteh tos tiasa seuri deui mah.” Dinar imut.
“Naha pan tikamari ge tos tiasa ari seuri mah, mung papah nu teu acan tiasa mah.” Tembal Lasmi.
Dinar turun kaburuan. Cle numpak motorna. Tuluy ngabiur indit muru ka kantor. Teu cara tisasari manehna ayeuna mah teu wani deui ngebut sanajan jalan lenglang. Alon we. Geuningan teu burung nepi.
“Kumaha tos damang, pak Dinar?” Ida nanya barang Dinar lol ti lawang tukang bari ngareret sukuna.
“Parantos sakinten.” Tembal Dinar. “Teh Lasmi ge tos tiasa calik ayeuna mah.”
“Pak Dinar kaditu?”
“Muhun, nembe nyimpang heula sateuacan ka kantor.”
Euhhhh, syukur atuh.” Ida nyeh seuri. “Kedah sering dilongokan geura supados enggal damang.”
Dinar teu nembalan. Tuluy ngoloyong ka mejana. Gek diuk. Rohana nyampeurkeun.
“Pak Dinar, kumaha tos damang?”
“Parantos sakinten.”
“Tiasa pami engke tabuh salapanan ka pemda, aya rapat. Di bagian ekonomi.” Rohana nyodorkeun kertas ondangan rapat di pemda.
“Muhun, mangga.” Tembal Dinar. Ondangan soal minimarket. Aya nu protes ku reana pangwangunan minimarket nu nerekab ampir diunggal kacamatan. Pasualan lain pasualan leutik. Ku reana minimarket nu ngadeg ampir di unggal pengkolan mere pasualan keur pasar tradisional. Lila-lila pasar tradisional bakal tiiseun lantaran nu balanja leuwih suka balanja ka minimarket. Tungtungna pasar tradisional bakal tutup.
Rengse rapat di pemda, bubar jam duaan, Dinar tuluy balik. Barang jol ka imahna, indungna cakah cikih nyalukan.
“Dinar, kadieu heula geura.”
Dinar nyampeurkeun indungna. “Aya naon, mih?”
“Puguh tadi mamih teh arisan di imah tatangga anyar. Mamih ge kakara nyaho urang boga tatangga anyar. Ngaranna bu Naning. Tadi mamih kaditu. Geura ieuh, nu nyuguhan teh budakna, awewe, geulis. Kakara lulus ti IKIP. Cenah mah hayang jadi guru. Keur nungguan testing bari ngahonor heula di SMP.” Indungna nyarita mani daria pisan.
“Teras?”
“Tuluy mamih teh jadi inget ka Dinar. Budak awewe eta teh keur geulis teh, pantes deuih. Mamih mah panuju pisan lamun Dinar ka budakna bu Naning.”
“Ari mamih, terang ge abdi henteu  ka istri eta.” Tembal Dinar semu haroream ngabandungan obrolan indungna.
“Enya apan acan. Engke ge wawuh geura. Kari ulin we ka imahna. Baheula mah imah pak Anwar, tuluy dibeuli ku pak Dodo, salakina bu Naning tea. Ayeuna mah geus dirombak. Jadi leuwih alus  pisan.  Buruanna rada lega. Pan baheula mah basa masih keneh imah pak Anwar, buruan teh heureut da aya tembok. Tah tembokna ayeuna mah geus dibongkar.”
Dinar hoream ngabandungan indungna, mun cacarita sok kamana wae. Manehna jung cengkat. “Bade gentos acuk heula, hareudang.”
“Enya kitu we, nya. Mamih mah embung Dinar nguluwut wae sanggeus kajadian jeung Wingit tea. Awewe mah rea. Geuningan teu sangka ayeuna boga tatangga anyar nu ceuk mamih mah keur geulis teh puguh deuih saha indung bapana.”
Dinar teu nembalan. Sok bingung kunu jadi indungna. Kapeung mah sok siga ngababarikeun wae kana sagala rupa pasualan teh. Samarukna boga tatangga anyar boga anak geulis teh babari ngabandangna. Ngan ras inget kana kanyaah nu jadi indung, dimaklum. Matak kitu ge meureun bakating ku nyaah kanu jadi anak.
“Kumaha ayeuna masih keneh kabungbulengan ku Wingit?”
“Ah tos henteu, mih.”
“Tah kitu. Ngewa lalaki mah lamun sok lila teuing kabungbulengan ku awewe teh, kawas euweuh deui awewe. Komo kanu kasep kawas Dinar mah, teu kudu lila-lila nguluwut alatan awewe, sapoe dua poe ge geus manggihan deui nu anyar.”
“Leres pisan, Mih.” Ceuk Dinar bari nyerengeh seuri.
“Naon leres? Geus papanggih deui jeung nu anyar?” Indungna semu ngajenghok.
Dinar seuri. Hayang ngaheureuyan indungna.  “Ah, mamih mah sok teras we ngudag cariosan abdi. Sok teras hoyong terang wae.”
“Jamakna ari indung mah sok hayang nyaho. Saha awewena? Urang mana?”
“Sanes waktos ngobrolna nya,  mih. Abdi hareudang, hoyong gentos acuk heula.”
“Ke heula. Mamih hayang nyaho. Saha awewena? Ulah sok sumput salindung ka indung mah. Kudu dibere nyaho.”
“Ah, teu acan nanaon atuda, mih. Masih keneh pedekate keneh.”
“Naon pedekate teh?”
“Pendekatan. Nuju pendekatan heula. Bilih we abdi ditampik deui sapertos kamari. Ayeuna mah pendekatan we heula, tos katingali masihan sinyal nembe abdi maju.” Dinar ngagelenyu imut.
“Tah, geuningan ayeuna mah geus bener teori teh. Bener kudu kitu. Sok we heula deukeutan heula, geus deukeut mah engke ge tembong bogoheun henteuna. Kade ulah sok maksa awewe anu teu sukaeun, moal pibenereun kahareupna.”
“Muhun, mih. Abdi ka kamar heula. Bade gentos heula acuk, teu kiat hareudang.”
 Mira ngarenghap panjang. Ngadadak hatena ngarasa bungah. Bungah anakna geus teu nguluwut deui. Ceuk pikirna, keun engke rek ngahaja diamprokeun Dinar jeung Leli. Ceuk pikirna moal boa Dinar bakal sukaeun mun geus amprok jeung Leli. Manehna nyerengeh sorangan. Matakna ka indung teh ulah sok nganggap sepi, Dinar, ceuk gerentes hatena. Tah geuningan ayeuna mah indung mah geus boga papanggihan. Moal boa Leli leuwih geulis jeung leuwih alus tibatan Wingit. Ngan ngadadak manehna inget kana obrolan jeung Dinar bieu, Dinar nyebutkeun keur pedekate jeung awewe anyar, saha awewena? Ah, palangsiang bisi meunang kanyeri deui, meningan diupayakeun sangkan wawuh heula jeung Leli nu geus puguh saha-sahana. Mira ngarenghap panjang deui.

 
--- 0 ---

Ngan saminggu Lasmi teu ngantor. Poe senen manehna geus ngantor deui sanajan leumpangna masih ingkud-ingkudan keneh. Palebah sukuna nu dikaput masih keneh diperban. Cenah mah sukuna masih keneh karasa rengkeng lantaran aya jaitan dipalebah tuurna. Dinar mani geten sok ngalongokan Lasmi ka rohangannana. Meusmeus kurunyung, meusmeus kurunyung deui. Tara rea cacarita, ngan saukur ngelol wungkul, ngareret Lasmi, geus kitu mah sok tuluy kaluar deui.  Ida nu sok nalingakeun surti.
“Ku geten ari Dinar.” Ceuk Ida bari seuri basa Dinar geus kurunyung deui ka rohangan Lasmi. Lasmi keur jongjon we nyanghareupan laptopna. “Mun euceu jadi Lasmi, bagja temen remen dilongokan ku Dinar.”
Dinar ngan saukur imut ngadenge omongan Ida, ari Lasmi hare-hare wae, jongjon wae ngurus pagaweannana.
“Muhun leres kedah kitu. Ari sering dilongokan mah ku Dinar  Lasmi enggal damang geura.” Ceuk Ida deui.
“Kaleresan we ngalangkung.” Tembal Dinar.
“Sing sering we kaleresannana.” Ida ngiceupan Dinar.
Dinar nyerengeh seuri. Lasmi teu kecet-kecet, angger we jongjon nyanghareupan laptopna ngurus pagaweannana. Keur kitu kurunyung camat.
“Kumaha bu Ida, urang teh janten bade piknik teh?”
“Mangga, teu langkung. Anggaranna mah parantos disayogikeun.”
“Kira-kira sabaraha beus-eun? Cukup dua ge nya. Jatahna dua korsi sewing.”
“Muhun cekap rupina mah.”
“Sok atuh kari utang itung keur beus, penginapan, uang saku jeung sagala rupana, kira-kira anggaranna sabarahaeun? Mun kira-kira cukup anggarannana urang jadikeun piknik teh.”
“Ka Pangandaran wae, pak camat?”
“Nya nu caket we.”
“Manawi teh ka Bali jantenna.” Ida seuri.
“Ke tahun hareup ka Bali mah. Sugan aya rejekina.” Camat milu seuri. Camat ngareret ka Lasmi. “Ari Lasmi kumaha ayeuna? Masih keneh nyeri sampeanna?”
“Tos rada sakinten, pak.” Tembal Lasmi bari nunda pagaweanna. “Bade janten piknik teh, pak? Abdi mah panginten moal tiasa ngiring pami sampean masih keneh nyeri.”
“Ih, maenya Lasmi teu milu. Hayu ngiring we, boa tos diajak piknik mah sampean ge janten damang.”
“Teu rame atuh ari Lasmi teu ngiring, mah. Pan ka Pangandaran ge ngahaja rek ngahibur Lasmi.” Ceuk Ida bari seuri. “Nyeri keneh papahna mah keun we pan aya Dinar nu nyarengan kaditu kadieu.”
Camat seuri maur. Ngareret ka Dinar nu keur ngajanten palebah lawang. “Tah kitu we nya bu Ida. Urang jantenkeun wae. Jabi pan gosipna mah sakedap deui bade aya mutasi. Biheung abdi masih keneh didieu, boa ngalih.”
“Muhun.” Tembal Ida.
Camat kaluar ti rohangan.
“Pak camat ceuk issue mah cenah kacandak mutasi. Bade janten Kabag. Meureun hayang heula nunda jasa didieu, ngajak piknik heula ka Pangandaran.” Ida rada ngaharewos ka Dinar.
   “Oh.” Tembal Dinar.
Ida tuluy ngabadamikeun sual anggaran jeung Lasmi. Dinar ngoloyong kaluar. Pasosore geus waktuna balik, Dinar ngelol deui ka rohangan Lasmi. Tisaprak Lasmi ngantor deui, ampir unggal balik Dinar sok nganteurkeun Lasmi  tibatan Lasmi numpak angkot. Unggal rek balik ti imah Lasmi, sok ngahaja metik heula kembang kacapiring hiji atawa dua mah, tuluy diasupkeun kana saku calanana. Geus dikamarna, kembang kacapiring teh diwadahan dina mangkok ditunda dina meja leutik gigireun pangsareannana.
Hiji mangsa Mira abus kakamar Dinar. Dinar kakara ngaluarkeun kembang kacapiring tina saku calanana. Kembang kacapiring nu kamari nu geus layu jeung garing dikana wadah runtahkeun.
“Kembang kacapiring timana eta? Mani sasatna unggal poe sok mawa kembang kacapiring?” Mira nanya anakna.
“Kenging metik ti bumi rerencangan, mih.” Tembal Dinar teu riuk-riuk.
“Ti iraha Dinar resep kana kekembangan? Puguh mamih teh asa aneh ku kalakuan Dinar, naha jadi resep kana kekembangan, nu utamana mah kembang kacapiring. Saha rerencangan teh? Awewe?”
“Muhun istri, mih.”
“Kabogoh?”
“Duka ari kabogoh sanes namah, teu acan dugi kadinya. Rerencangan abdi di kantor.”
“Saha ngaranna?”
“Lasmi.”
“Mani alus ari ngaranna mah. Dinar resep ka Lasmi?”
“Kantenan resep mah. Teh Lasmi bendahara di kantor. Bageur sareng someah jalmina.”
“Naha nyebut teteh?”
“Yuswana benten tilu taunan, saluhureun abdi.”
“Oh.” Mira merongkeun anakna. Hatena geus boga kereteg Dinar lain ngan saukur nganggap babaturan ka Lasmi.
“Atuh ari Dinar mani pirajeuneun ampir unggal poe metikan kembang kacapiring ti imah Lasmi, naha Dinar unggal poe ka imah Lasmi?”
“Muhun, mih. Ampir unggal dinten. Apan pami uih ti kantor abdi sok ngajajapkeun teh Lasmi, karunya numpak angkot mah, sampeanna teu acan damang keneh…” rep Dinar ngadadak jempe. Reuwas sorangan. Bisi indungna jadi rea tatanya. Bener wae, Mira tuluy nanya deui.
“Naha kunaon sampeanna?”
“Geubis tina motor.”
“Naha Lasmi sok kana motor nyah?”
“Tara. Apan waktos abdi geubis tina motor teh nuju ngabonceng teh Lasmi. Teh Lasmi nu parah kabalangkeun waktos harita teh. Sampeanna soek palebah bitisna, dikaput duabelas jaitan…. “
“Euhhh…. Naha atuh Dinar henteu bebeja ka mamih basa harita teh yen cilaka teh jeung Lasmi?”
“Teu kabujeng nyarioskeun, margi pan harita abdi ge nuju ngaraoskeun nyeri tuur.” Dinar mimiti rada bingung. Indungna pasti tuluy hayang nyaho kana urusan Lasmi.
“Ari ayeuna kumaha suku Lasmi?”
“Ayeuna mah tos rada sakinten.”
“Enya syukur atuh. Kade ari mamawa budak batur teh sing apik, mun cilaka bisi disalahkeun ku indung bapana.” Ceuk Mira. Tuluy kaluar ti kamar. Dinar ngarasa heran, biasana mah indungna sok terus we hayang ngobrol kapapanjangan.
Mira nyokot kangkung dina kulkas. Tuluy dipetikan hiji-hiji rek ditumis. Ngan pipikiranna nganteng mikiran Dinar. Hatena yakin Dinar jeung Lasmi lain ngan saukur babaturan. Kacirina Dinar jiga anu boga rasa sejen ka babaturannana. Umur Lasmi saluhureun tilu taun. Moal kaciri sanajan biasana mah awewe mah sok gancang ngolotan. Duh Gusti, pami aya jodona Dinar jeung Lasmi sing aya dina kalancaran. Teu karasa panonna baseuh. Dinar teh puputon dirina. Bungah bagjana nu jadi anak bakal jadi kabungah jeung kabagja dirina.   

--- 0 ---

Griya pinuh kunu balanja. Jelema pasuliwer pada-pada boga pangabutuh. Mira ngadodorong kareta balanjaan dipalebah tempat bumbu dapur. Manehna nyokot kecap, sambel jeung sagala rupa bumbu dapur, pedes, uyah, katuncar, muncang. Sok sok diabuskeun kana kareta dorong. Manehna tumpa tempo ka palebah tempat kopi. Mani rupa-rupa kopi ari jaman ayeuna. Kopi hideung kopi bodas. Nu make creamer nu make cokelat. Sagala rupa rasa aya. Ras inget ka Dinar, karesepna the kopi hideung wae. Manehna nyokot kopi hideung sabungkus gede. Ngahaja mawa nu gede da tara lila ge sok kaburu beak deui. Teu pupuguh karasa bujurna kadupak ku kareta balanjaan batur.  Bujurna kasurungkeun ku kareta dorong.
“Aduh, punten.” Ceuk awewe nu keur ngadodorong kareta balanjaan. Awewe eta  imut menta hampura. Umurna moal jauh jeung manehna. Ditukangeunnana aya wanoja nu nutur-nutur. Pantesna teh anakna.
Mira ngan saukur ngareret sakeudeung,
“Wios” tembal Mira. Ngareret sareretan, tuluy jongjon deui tuluy jongjon deui milihan kopi.
 “Punten, dupi ieu teh ceu Mira sanes? Ceu Mira nu kapungkur kantos ngontrak bumi di Manangga?” awewe eta nu geus maju ngadorong kareta balanjaannana ngadadak eureun deui, nilik-nilik Mira.
Mira malik, merong ka eta awewe. Asa-asa. Asa pernah wawuh, ngan lebeng teu inget dimana pernah papanggihna.
“Leres. Dupi ieu saha tea?”
“Eeeehhh, ceu Mira, kumaha damang? Tos hilap panginten ka  abdi?”
“Muhun, saha tea. Aduh punten abdi mani lebeng teu emut.”
“Abdi Ratna. Tangtos ceu Mira hilap deui. Apan urang kapungkur kantos natangga waktos urang sami-sami masih keneh ngotrak bumi di jalan Manangga.” Ceuk awewe eta bari seuri.
Ngadadak bruy bray inget deui.
“Ya Allah, Ya Rabbi. Ieu teh Ratna? Alhamdulillah urang diamprokeun deui. Kumaha damang?” Ret Mira ngareret ka budak awewe nu nangtung tukangeun Ratna. “Ari ieu saha?”
“Apan ieu teh Wiwit, ceu. Kapungkur mah nuju orok keneh, ayeuna mah tos lulus sakolana. Nembe dua sasih kapengker lulusna. Ayeuna nuju milarian padamelan. Wit, enggal nepangan ka bu Mira. Kapungkur tatanggi mamah waktos masih keneh ngontrak di jalan Manangga.”
Wiwit munjungan, sasalaman ka Mira. Mani rengkuh. Mira nilik-nilik Wiwit. Budak teh geulis jeung rengkuh sopan. Matak pikaresepeun.
“Beu, ieu Wiwit tos ageung geuningan. Tos janten wanoja.” Mira ngusap taktak Wiwit.
“Ari ceu Mira dimana ayeuna linggih?”
“Di Sindangraja. Hayu atuh ameng ka euceu. Ari ayi dimana?”
“Abdi mah tos sababaraha kali ngalih. Saatos ngalih ti jalan Manangga, teras ngalih heula ka jalan Cangkudu, teras ka Cipada. Ayeuna mah matuh di Cimalaka. Hayu atuh euceu ameng ka Cimalaka. Urang bari ngala lauk.”
“Insya Allah. Engke sanes waktos. Nomor sabaraha hape?  Engke euceu nelpon nya.”
“Mangga.”
Awewe nu duaan eta patukeur nomor hape. Papada bungah papanggih deui jeung urut tatangga baheula keur mangsa papada ngontrak. Harita Dinar kakara umur opat taun, Wiwit kakara umur 4 bulanan.  Sabot salakina papada digawe, maranehannana duaan sok remen botram bari ngasuh budak.  
“Euceu mah ayeuna mah rusuh, engke mun salse ditelpon nya.” Ceuk Mira.
“Muhun mangga. Abdi ge mani asa sono ka ceu Mira. Emut kapungkur mah basa urang natangga keneh di Manangga urang sok botram bari ngasuh budak. Aeh, dimana ari ayeuna Dinar? Tos ageung panginten.”
“Puguh we, tos janten jajaka ayeuna. Kasep jangkung siga bapana.” Mira seuri semu agul. “Engke ngobrol kapapanjanganna mah nya. Ayeuna mah rusuh. Bade ka Situraja heula.”
“Muhun, mangga.”
Mira gura giru ngadodorong kareta balanjaanna. Salakina geus ngadagoan. Rek ka Situraja ka lembur Agus. Aya barayana nu boga hajat.   

--- 0 ---

Heuleut sabulan saprak papanggih ditempat balanja, Mira kabeneran aya perlu rek ka Cimalaka. Ngahaja nelepon heula Ratna maksudna mun geus rengse urusannana rek nyimpang ka imah Ratna. Ratna mani giak ngadenge Mira rek nyimpang ka imahna.
“Muhun euceu, diantos pisan nya.” Ceuk Ratna daria.
Geus rengse urasannana, Mira nitah Yayat, supir nu sok nganganter manehna nyimpang heula ka imah Ratna. Sanggeus mapay-mapay sabaraha lila, kakara alamat nu diteangan teh kapanggih. Imah alus bareresih jeung lega buruannana. Pepelakan kapiara. Matak resep. Mobil abus kaburuan. Tacan ge Mira turun tina mobil, panto hareup geus muka. Ratna turun kana tetecean ditepas imahna muru kaburuan ngabageakeun Mira.
“Alhamdulillah, teu burung geuning euceu kadieu. Hapunten sanes abdi nu nepangan kaditu kalah euceu nu mayunan kadieu.” Ceuk Ratna bari ngagabrugan Mira.
“Puguh bieu teh aya peryogi ka kuwu, cenah mah kebon aya nunaroskeun, rek diical wae. Janten sakantenan kadieu.”
“Mangga lebet, Ceu.” Ratna ngaleng leungeun Mira.
“Mani resep imah teh, sakieu lalegana mani bareresih. Eta kekembangan mani lalucu.”
“Mangga Euceu ari hoyong mah bilih bade melak.”
“Ah henteu. Euceu mah geus haroream pepelakan teh, ngurus nu geus aya we.”
Duanana arabus ka jero imah. Wiwit kaluar tikamarna, munjungan ka Mira.
“Naha Wiwit aya dibumi?”
“Muhun, pan sakolana mah parantos rengse. Ayeuna nuju ngantosan lamaran padamelan. Ari hoyongna mah janten padamel negri, mung pan mani sakitu sesahna geuningan hoyong janten padamel negeri teh.” Ceu Ratna.
“Sarua wae ayeuna mah, rek jadi pagawe negri rek di swasta ge sarua susahna. Matak euceu mah ku Dinar mani sok asa agul, barang lulus teh ngan nganggur sakeudeung, kabeneran aya testing pagawe negri, miluan testing, ari teun teh lulus. Geus milik budak.”
“Dimana ayeuna didamelna?”
“Ditempatkeun di kacamatan. Didugdag we ti imah da teu pati jauh.”
“Resep atuh tos janten padamel  negri mah. Muhun, abdi ge ari hoyong mah Wiwit ge janten padamel negri we mung kumaha milikna we.” Ratna ngareret ka Wiwit. “Wiwit, ngadamel cai atuh kanggo uwa, sakantenan candak lalawuhna.”
“Muhun, mangga.”
Teu lila Wiwit kurunyung deui bari mawa baki. Song cienteh ditunda dina meja dihareupeun Mira jeung indungna. Tuluy keler eusi kueh ditunda dina meja. Geus kitu manehna katukang deui. Sabot Wiwit nyuguhan, Mira nilik-nilik Wiwit. Geulis jeung sopan. Ngadadak inget ka Dinar. Naha Wiwit geus aya nu boga atawa lengoh keneh? Mun heug teh can aya nu boga, kumaha mun diamprokeun jeung Dinar? Ngan ngadadak manehna inget basa ngobrolkeun Leli, pan kitu jawaban Dinar. Semu nu keuheul ku indungna rek direremokeun teh. Kalah nyebutkeun keur pedekate jeung awewe sejen. Mira ngarenghap. Mani hayang sapok-pokeun nanyakeun Wingit, kapaksa teu dikedalkeun. Manehna tuluy ngobrol nu sejen-sejen deui jeung Ratna. Ngobrolkeun lalakon mangsa katukang basa maranehannana keur papada ngontrak keneh, tuluy pipisahan, ayeuna teu sangka patepung deui.
Basa Mira rek amitan, Ratna mani ngagabrugan bari pok deui pok deui.
“Euceu, engke iraha waktos abdi bade kabumi euceu ngahaja. Abdi hoyong tepang sareng Dinar. Tos sapertos kumaha ayeuna. Lucu waktos murangkalihna mah. Mani sok geregeteun hoyong ngajembelan pipi sareng gadona.” Ceuk Ratna bari seuri.
“Enya hayu atuh kaditu. Tos jajaka atuh Dinar ayeuna mah. Moal burung pangling. Kasep jeung jangkung.”
“Tos gaduheun kabogoh?”
“Tacan paruguh. Ari aya na mah meureun aya, ngan can seurius keur pipamajikaneun. Maklum budak jaman ayeuna. Tara rurusuhan cara urang jaman  baheula. Ari kolotna mah mani geus hayang geura ngawinkeun ngan ari budakna mah semu nu hare-hare wae.”
“Teu acan we panginten, Ceu. Tos waktosna mah geura engke ge ngabereg.”
“Nya, kumaha budakna we euceu mah. Ari didesek-desek pan sok kitu sok kalah camerut baeud.”
Ratna seuri.
--- 0 ---

Dinar kakara balik sholat magrib ti masjid, tuluy abus kakamarna. Digeroan ku indungna.
“Dinar, kadieu geura.”
Dinar nyampaykeun sajadah dina luhur korsi, tuluy nyampeurkeun indungna ditepas.
“Aya naon, Mih?”
“Kieu geura. Sok diuk heula. Aya obrolkeuneun.” Ceuk Mira.
Dinar gek diuk dina korsi. “Kumaha, mih?”
“Dinar mah meureun moal inget ka jaman baheula.” Ceuk Mira ngamimian nyarita.
“Jaman baheula waktos iraha?”
“Jaman baheula basa Dinar keur umut opat taunan.”
Dinar nyerengeh. “Muhun atuh, Mih. Moal ge abdi emut waktos abdi nuju yuswa opat taunan mah.”
“Tah kitu. Mamih teh puguh basa poe naon lah papanggih jeung urut tatangga urang baheula keur papada ngontrak di jalan Manangga. Ngaranna teh Ratna. Harita teh imah kontrakan teh pagigir-gigir. Salila ampir sataun leuwih papada ngontrak di jalan Manangga, mamih jeung Ratna teh mani asa geus jadi dulur wae. Baheula teh mani remen pisan botram bari papada ngasuh budak. Dinar harita teh mun teu salah geus umur opat taunan ari Wiwit orok keneh kakara 4 bulanan.”
“Saha Wiwit teh?”
“Enya Wiwit teh anakna Ratna. Ayeuna mah geus jadi wanoja. Kamari basa ditempat balanja basa panggih jeung Ratna teh, Wiwit milu maturan indungna balanja. Tuluy mamih sabaraha poe katukang kabeneran aya perlu ka Cimalaka, ngahaja nyimpang ka imahna. Kabeneran Wiwit keur aya diimahna. Nu nu nyuguhan mamih ge pan Wiwit.”
“Cimalaka?” Dinar rada ngarenjag ngadenge Cimalaka disebut ku indungna.
“Enya di Cimalaka. Imahna teh mani resep. Buruanna lega. Aya balong ditukangeun imahna. Mani tariis.”
“Teras?” Dinar mimiti ngarasa curiga. Ah, maenya teuing. Di Cimalaka nu imahna buruanna lega jeung aya balong ditukangeun imah teh pastina ge lain hiji, ceuk gerentes hatena.
“Enya maksud mamih teh kieu, teuing iraha-irahana mah, cenah Ratna rek ulin ka urang. Meureun Wiwit ge diajakan. Ieu mah lamun, lamun Ratna jeung Wiwit kadieu, omat Dinar ulah kamamana nya.”
“Maksad mamih?”
“Ih, Dinar mah. Maksud mamih teh kieu, itu teh pan geus asa lain sasaha deui, asa geus jadi dulur jeung urang teh, ayeuna kabeneran ditepungkeun deui.  Ratna hayang panggih cenah jeung Dinar da baheula teh apan Dinar  remen dipapangku ku Ratna bari Ratna bubureuyeungan ge keur kakandungan Wiwit. Ratna kacida resepeunnana ka Dinar, sok remen ngajembelan pipi jeung gado Dinar, uyuhan kituna ge Wiwit teu nyeples Dinar ge. Pan biasana mah mun keur kakandungan resep kanu kitu, budakna sok nyeples jiga kitu.”
Dinar nyerengeh.
“Bade iraha cenah bu Ratna bade ameng kadieuna?”
“Can puguh. Tapi engke ge pasti aya nelepon heula. Mamih ngabejaan heula Dinar teh bisi Dinar tatanya eta saha mun Ratna jeung Wiwit kadieu. Ayeuna ku mamih geus dibejaan.”
“Muhun.” Tembal Dinar.
Indungna mencrong ka Dinar. “Ieu mah lamun nya…… “ ceuk Mirna ngamimitian deui. “Lamun engke Dinar geus amprok jeung Wiwit, heug lamun Dinar resep ka Wiwit, kitu oge mun Wiwitna kaciri resepeun ka Dinar, kahayang mamih mah enggeus ulah neangan nu sejen deui nu can puguh turunannana jeung saha-sahana.”
Dinar mimiti ngarti kana maksud indungna. Ngan manehna cicing wae.
“Mamih mah panuju naker mun Dinar aya jodona jeung Wiwit. Sugan jeung sugan ieu mah. Geus waktuna Dinar boga pamajikan. Geus waktuna mamih ngagendong incu. Sok kabita mun nempo batur keur nunungtun incuna. Mamih ge geus hayang cara batur kitu.”
Dinar nyerengeh. “Ari mamih mani sok ngababarikeun kana sagala rupi teh. Apan pendakna ge teu acan abdi sareng….. saha tadi teh namina putra bu Ratna teh?”
“Wiwit. Kade ulah poho deui. Ngaranna Wiwit. Geulis jeung kayungyun. Moal salah panon mamih nempo budak eta. Kana pibageureun mun jadi pamajikan Dinar.”
“Muhun pan sareng Wiwitna oge abdi teu acan tepang. Kumaha engke we buktosna, ulah waka ngobrolkeun perkawis incu.”
“Nya matak naon mamih ngobrolkeun soal incu. Mamih teh bakating ku panuju mun Dinar ngahiji jeung Wiwit.”

 




                                                --- 0 ---


Hanca keneh